Konéng
Konéng (Curcuma domestic) salah sahiji pepelakan nu kaasup ubar jeung sambara.[1] Salian ti éta, konéng ogé osok jadi bahan dasar pikeun kosmétik jeung tékstil.[2] Dumasar kana hasil panalungtikan taun 2003, yén konéng dumasar kana jumlah anu dibutuhkeun ku industri pikeun jadi ubar tradisional di Jawa Wétan aya dina réngking kahiji jeung di Jawa Tengah mah kalima panglobana anu maké bahan dasar ubar séjénna.[3] Kunyit dipikawanoh dina sagala rupa wewengkon kalawan sababaraha ngaran lokal saperti ''unin'' basa Ambon, ''gorachi'' basa Ternate nu hartina emas,[4] turmeric (Inggris), kurkuma (Walanda), turmeric (Indonésia jeung Malaysia), janar (Banjar), kunir (Jawa), huni (Bima), konyé (Madura), Kunyir (Komering), Cahang (Dayak Panyambung), Dio (Panihing), Uinida (Talaud), Kuni (Sangir), jeung Alawaha (Gorontalo).[5] Asal-usulSajarahna konéng téh ti India, tuluy sumebar ka sakuliah dunya nu pangutamana mah di daérah tropis.[6] Ieu tutuwuhan mibanda watang semu anu disusun ku palapah daun anu jangkungna 25 nepi ka 100 cm.[6] Wangun daun buleud lir endog bari manjang, warnana héjo ngora, unggal tanggal konéng miboga 6 nepi ka 10 helai daun.[6] Mangpaat
KandunganKandungan kimia konéng terdiri dari pada minyak atsiri, sikloiserin, mirsen, metil farbinol, d.kamper, dan kurkurmin minyak atsiri, sikloiserin, mirsen, metil farbinol, d.kamper, dan kurkurmin.[7] Salain ti éta konéng miboga sipat anti-radang, antioksida, anti kanser, pelindung hati.[7] Konéng miboga kandungan senyawa anu miboga mangpaat pikeun ubar, anu disebut kurkuminoid anu ngawengku kurkumin, desmetoksikumin jeung bisdesmetoksikurkumin jeung zat- zat mangpaat laina.[1] Kandungan Zat :
Jenis-jenis
Rujukan
|